Basa Ema Nyarita Anu Panungtungan

Tilu puluh Mei dua rebu genep welas
Ema kungsi nyarita anu panungtungan
Ema kungsi wasiat anu panungtungan
Ema kungsi nedunan sagala kahayang anu panungtungan

Ema kungsi ngedalkeun eusi hate anu tugenah
Ema kungsi ngabudalkeun sagara rasa
Ema kungsi cumarita
“Ema can boga bekel keur maot”

Teuteup ema katingal pondok
Teuteup ema katingal geus teu seukeut deui
Renghap ranjug ema katingal beda ti sasari

Ema kungsi nyarita
“Nafas ema karasa engap”

Hate kuring galecok
“Duh ema….”(sarebu basa dina jero hate anu teu bisa dikedalkeun)

Jumaah, jam 12 tilu Juni
Ema ngaluarkeun nafas anu panungtungan
Ema nutup perjuangan ngadidik para putra anu panungtungan
Ema nutup conto kahirupan pikeun para puta anu panungtungan

Ema kungsi nyarita…. anu panungtungan

Ema hapunten abdi mung tiasa jajap ku dunga

Mugia ema husnul khotimah, aamiin.

(Bandung , 3 Juni 2016  jam 12.45 bada solat Jumaah ditelepon ku Bapa)

 

Landong Baeud: Palintangan (Zodiak bahasa Sunda)

Ilustrasi

Ilustrasi

1. Pirgo – Pagawean nu cocok: dagang jengkol. Keuangan: hambur pisan. Asmara: teangan nu rada cageur.

2. Akuwarius – Pagawean nu cocok: Dagang taraje jeung bilik. Keuangan: eureunan unjam injem wae. Asmara: Sakeudeung deui jomblo, dikepret calon mitoha.

3. Piskes – Pagawean nu cocok: Ngangkutan galon cai, sakapeung ngojek jeung ngiriman BBM ocon. Keuangan: Ledeh, loba urusan pacorokokod,. Asmara: ditolak deui, angger teu pira pedah rorombeheun. Baca entri selengkapnya »

Babasan Sunda, Paribasa Bahasa Sunda

Babasan Sunda sok biasa dipake ku kolot jaman baheula pikeun nyingkeutkeun kalimah anu ngandung harti panjang. Babasan Sunda anu masih bisa dipake di jaman ayeuna saperti dihandap ieu.

  • Adab lanyap Jiga nu handap asor, daek ngahormat ka batur, boga hate luhur, tapi tungtungna sok ngarunghak jeung kurang ajar, anu tungtungna batur loba nu teu resepeun.
  • Adam lali tapel poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
  • Adat kakurung ku iga adat nu hese digantina.
  • Adean ku kuda beureum beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.
  • Adigung adiguna gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.
  • Agul ku payung butut ngagulkeun luluhur sorangan.
  • Akal koja pinter dina kagorengan atawa kajahatan.
  • Aki aki tujuh mulud lalaki nu geus kolot pisan. Baca entri selengkapnya »

“Fun Page” Nyarios Sunda

Nyarios Sunda

Nyarios Sunda

Ka saha wae nu resep kana basa Sunda hayu urang sempal kapiguyon, ngobrol ngaler-ngodul sareng sajabina di alamat ieu http://www.facebook.com/nyarios.sunda. Mangga urang mumule basa Sunda ku urang sadayana.

Bral Miang Anaking, Dunga Tinu Jadi “Kolot” Aranjeun


Keur aranjeun, anak Bapa anu awewe anu lalaki.
Anaking….
Ngitung waktu, milang lengkah
tikiwari kakiwari,
sawaktu-sarebu waktu,
salengkah-sarebu lengkah
Ananking….. Baca entri selengkapnya »

Basa Sunda: Sebutan ka Jalma Tina Patokan Tingkah laku

  1. Pakokolot supa = umurna méh sarua
  2. Mata simeuteun = Lamun nénjo, panon na teu ngiceup-ngiceup
  3. Kentél peujit = daék tirakat (prihatin)
  4. Jauh ka bedug = dusun euweuh ka nyaho
  5. Ipis biwir = babari ceurik
  6. Laér gado = culamit
  7. Panjang léngkah = lega pamikiranana
  8. Pondok léngkah = heureut pamikiranana
  9. Kandel kulit beungeut = teu boga kaéra
  10. Teu boga beungeut = heureut pamikiranana Baca entri selengkapnya »

Ema

Waktu ibun maseuhan buruan
Aya sora anu jentre dina telepon

Anaking…
Syukur ari calageur mah
Eta nu dipenta ku ema beurang jeung peuting

Anaking….
Syukur ari aya dina keberkahan mah
Eta nu dipenta ku ema beurang jeng peuting

Anaking…
Syukur ari aya dina rohmat-Na
Ema ngarasa bagja

Anaking… Baca entri selengkapnya »

Puisi Basa Sunda: Tuh Saksina

Tuh saksina bendungan waduk Darma anu ngembat tur weweg
Tuh saksina cai anu ngaplak di waduk Darma mani herang mencrang
Tuh saksina angin nu nebak tangkal sisi bendungan waduk Darma
Tuh saksina langit biru di waduk Darma
Naon deui anu diragukeun
Naon deui anu kudu dibuktikeun
Jalan aspal masih keneh hideung
Kecap rasa nyaah masih keneh nempel dina biwir

Tuh saksina masih nyaksian urang duaan
Ngiuhan handapeun tangkal nu iuh di sisi bendungan waduk Darma

Jalan Selagangga jeung Karaton Bupati Galuh (Ciamis)

Bupati Galuh anu kagenepwelas ieu teh komarana mancur, jenengan nyambuangkeun wawangi arum, lantaran Kangjeng Prebu kagungan elmu linuhung, Bupati munggaran anu tiasa ngaos aksara laten. Marentah adil palamarta, wedi asih ka rahayat. Opatpuluhtujuh taun lamina Raden Aduipati Aria Kusumadiningrat ngaheuyeuk dayeuh Galuh Ciamis (1839-1886)

Pamarentah kolonial harita keur meujeuhna ngagederkeun Tanam Paksa tea. Saenyana ari di tatar Priangan mah ti taun 1677 oge geus dilaksanakeun anu disebut Preangerstelsel atawa sistim Priangan anu tumali jeung komoditi kopi teh. Tepi ka ayeuna langgeng dina lagu jeung hariring, tembang nu cipruk cimata, cenah geuning “Dengkleung dengdek, buah kopi raranggeuyan. Ingkeun saderek, ulah rek dihareureuyan”, gambaran wanoja anu sedih kapapanjangan lantaran ditinggalkeun ku panutan nu pancen gawe tanam paksa. Tina Preangerstelsel, di lembur-lembur sejen saterusna dimekarkeun jadi Culturstelsel. Tetela di Kabupaten Galuh mah lain komoditi kopi wungkul anu dipaksa kudu diparelak ku rayat teh, tapi oge nila. Proyek nila ieu pisan anu nimbulkeun insiden Van Pabst nu ngabalukarkeun Bupati Imbanagara dirurud tina kalungguhanana teh. Baca entri selengkapnya »

Puisi Bahasa Sunda: Anaking Bapa Jeung Ema Iklas

Tulisan ieu keur sobat kuring anu keur meunang cocoba.

Anaking Bapa jeung Ema Iklas

Anaking..
Geulis anak bapa jeung ema
Ayeuna anjeun geus miheulaan
Nu jadi bapa jeung indung

Anaking…
Bapa iklas jeung rido
Anjeun geus dipundut kunu kawasa
Aajanan hate leutik mah
Bapa jeung ema kacida sedihan
ehm… anaking… Baca entri selengkapnya »