Babasan Sunda sok biasa dipake ku kolot jaman baheula pikeun nyingkeutkeun kalimah anu ngandung harti panjang. Babasan Sunda anu masih bisa dipake di jaman ayeuna saperti dihandap ieu.
- Adab lanyap Jiga nu handap asor, daek ngahormat ka batur, boga hate luhur, tapi tungtungna sok ngarunghak jeung kurang ajar, anu tungtungna batur loba nu teu resepeun.
- Adam lali tapel poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
- Adat kakurung ku iga adat nu hese digantina.
- Adean ku kuda beureum beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.
- Adigung adiguna gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.
- Agul ku payung butut ngagulkeun luluhur sorangan.
- Akal koja pinter dina kagorengan atawa kajahatan.
- Aki aki tujuh mulud lalaki nu geus kolot pisan. Baca entri selengkapnya »