Punten bilih atos ngaos kana ieu carios…..
Mabok
Hiji mangsa saurang jalema mabok asup ka hiji bar,
ngaliwatan panto hareup. Kanyahoan ku Bartender,
buru-buru ngahalangan eta lalaki,
“Teu meunang asup kadieu geus mabok mah!”
Jalema mabok tadi kaluar, tapi terus asup deui, ngan
ayeuna mah ti panto gigir. Kaperego deui ku Bartender
“Anjeun teh geus mabok, jadi tong asup kadieu! Perlu
di pang manggilkeun taksi…?”
Nu mabok tea buru-burur kaluar deui, tapi asup deui ti
panto tukang. Kapanggiheun deui bae ku si Bartender anu tadi,
bari jeung keuheul pok si Brtender nyarita, “Lamun
silaing wani asup deui, awas, dibejakeun ka pulisi geura!”
Jalma anu mabok tea ngarenjag jiga nu reuwas,
“har…naha silaing bisa gawe di sababaraha bar euy…?”
Baygon
Ilaharna poe lebaran, sok loba jalema anu ngadon
nyekar ka kuburan. Kasampak aya lalaki tengah tuwuh
keur nyeungceurikan tilu kuburan.
Lantaran harita teh keur loba jalma, atuh nempo
paripolah eta lalaki teh jadi loba anu panasaran.
“Manawi teu kaabotan, dupi eta kuburan anu tilu teh,
kuburan saha, geuning sadayana diceungceurikan?” ceuk
salah saurang jalma anu panasaran.
“Euh anu ieu mah kuburan pun bojo. Sapuluh taun
kapengker tilarna teh, ngaleueut baygon,” tembalna.
“Dupi ieu kuburan nu kadua?”
“Ieu oge sami kuburan pun bojo keneh. Lima taun
kapengker tilar dunyana teh. Sami deuih alatan
ngaleueut baygon.”
“Dupi anu ieu, rupina kuburan putra nya?” “His,
sanes. Ieu oge sami kuburan pun bojo. Nembe sataun maotna teh,
kenging musibah, tulang tangkorakna bencar.”
“euleuh-euleuh, geuning ngangge bencar sagala.
Panginten tabrakan waktos tunggang motor?”
“His, sanes. Bencar tulang tangkorakna teh wireh ku
sim kuring dibabuk ku linggis, da bongan nolak nginum baygon.”
Si Enci
Si Enci lapor ka pulisi, dumeh peuting tadi tokona
kagarongan. Eusina kabeh dikerid ku garong, anu cenah
jumlahna lobaan.
“Si Engkoh ditaliang, si Otong diwologod,” pokna bari
pepeta. Maksudna mah salakina ditalian, sarta anakna
diborogod ku garong tea.
“Ari Enci dikumahakeun?” pulisi nanya.
Si Enci kalahka ngabigeu bari aluman alimen.
“Si Engkoh ditaliang, si Otong diwologod….”
“Enya, eta mah pan si Engkoh jeung si Otong. Ieu mah
Enci, dikumahakaeun ?”
“Ah, embung, ela….,” tembalna
Abstrak
Guru : “Mar, naon ari anu disebut abstrak?”
Umar : “Henteu kongkrit Pa.”
Guru : “Kumaha maksud henteu kongkrit teh, Ju?”
Juju : “Teu kongkrit teh hartosna teu tiasa katingal,
teu tiasa dirampa, tapi hakekatna aya.”
Guru : “Alus, cing bere conto, Unang!”
Unang : “Lancingan Eti, Pa!”
Pohoan
Si Ontohod kacida pohoanana, utamana kana payungna.
Unggal poe, lamun rek indit gawe, manehna sok mawa payung,
ngan pas turun tina beus kotana, eta payung sok
tinggaleun bae. Hiji poe pamajikanana ngawawadian,
“Yeuh kang Ontohod,
payung teh mahal! maenya kudu meulian wae payung
unggal poe mah. Heug engke deui mah inget-inget ari
rek turun tina mobil teh.”
Atuh basa dina hiji mangsa si Ontohod ningal payung
dina beus kota anu biasa ditumpakanana,
buru-buru ku manehna dicokot, dibawa balik. Bari semu
atoh pok manehna ngomong ka pamajikanana,
“Yeuh, Nyai, teu poho deui ayeuna mah mawa payung teh.”
Pamajikanana colohok, “Akang, akang…., pan basa tadi
indit teh akang poho teu mawa payung!”
Anjing Pinter
“Pajar anjing silaing teh pinter, bisa dititah meuli
kurupuk sagala. Geuning sanggeus dibere duit ku kuring
teu balik deui?” ceuk si Tomi ka baturna.
“Sabaraha kitu dibere duitna?” ceuk baturna.
“Sarebu perak!” walon si Tomi
“Paingan atuh ari kitu mah. Lamun dibere lima puluh
perak, manehna bakal balik deui bari mawa kurupuk. Ari
dibere sarebu mah kawasna lalajo heula.”
Asuransi
Di Australia waktu aya konprensi asuransi
internasional, aya salah saurang peserta anu ragrag
ti hotel tingkat 15 nepi ka maotna.
Ceuk peserta ti Amerika,”Di nagara kuring mah, ieu
jalema anu ragrag teh santunan asuransina bisa cair
dina jero saminggu.”
Peserta ti Jepang embung eleh. “Komo di nagara kuring
mah leuwih cepet, asuransina bisa cair dina jero dua poe.
Kumaha ari di Indonesia?” pokna bari ngareret ka
peserta ti Indonesia.
“Di Indonesia mah leuwih cepet deui. Lamun aya jalema
ragrag ti tingkat 15 nepi ka maotna, di tingkat 10
keneh santunan asuransina geus dibikeun,” tembalna kalem.
Tos dugi ka Cianjur…”
“Pa supir punten ngawiat pun anak pami tos dugi ka
Cianjur kade wartosan..!” Ceuk saurang ibu-ibu ka
supir bis jurusan Bandung.
“Mangga bu.. ….nya ibu moal ngiring kitu ?” Tanya supir.
“Moal ibu mah ieu we pun anak..!” Ceuk si Ibu bari
ngareret anakna.
” Daag sayang..!”
” Daag mamah…!” budakna ngajawab.
Teu kungsi lila bis geus ngadius mapay jalan tol
Jagorawi, neupi ka Ciawi sibudak teh noel ka supir,
ma,lum diukna tukangeun pisan supir.
” Pa .. ..tos dugi ka Cianjur ieu teh..?”
” Teu acan jang … …tebih keneh …..!
Ceuk supir bari anteng ngagelang stir.
Dasar budak, basa bis ngahaeub ka Cisarua geus
celengkeung deui nanyakeun..” Pa tos dugi ka
Cianjur…?”
” Encan jang….!” Supir rada molotot.
Budak ngahephep sieuneun ari dipolototan mah, neupi ka
Ciloto katingali budak geus sapokpokeun nek nanya
deui, ngan kapiheulaan ku supir.
” Hayoh nek nanya deui…?” Ceuk supir buncelik.
Teu karasa bis geus neupi ka wilayah Cipanas….budak
anu titadi sok nanya terus, ayeuna jempe sihoreng
budak teh sare mani tibra pisan,
kitu deui penumpang nu sejenna pating galuher…ngan
anu teu ngaguher teh pa supir.
Renjag …..supir ngarenjag reuwas basa bis teu karasa
geus nepi ka Padalarang. …
ras inget kapapatah si Ibu mani omat-omatan lamun
geus nepi ka Cianjur kudu di bejaan eta budak teh.
…..
reg bis the eureun, terus supirna ngomong ka para
penumpang yen aya penumpang kaliwat turun,
kaparengan penumpangna ibu-ibu teu loba pancaraken bis
anu geus neupi ka Padalarang ngadius balik deui nuju
ka Cianjur …..anu dianterkeuna mah
jongjon wae ngaguher…… ken we lamun geus neupi ka
Cianjur karek dihudangkeun.
” Jang tos dugi ka Cianjur..!” Ceuk penumpang
gigireunana ngahudangkeun budak.
” Aduh tos dugi..!” Ceuk budak bari gura giru muka
bungkusan anu eusina obat cacing, leguk diinum.
” Jang dimana lungsurna…?” Supir mimiti keuheul,
lantaran budak the lain turun kalahka nginum obat
heula.
” Har ari bapa, pan karek dugi ka Cianjur, nya biasa
atuh lungsur mah di terminal Leuwi Panjang! ” Ceuk
budak kalem.
” Jadi di Cianjur lain nek turun ?”
” Sanes……saur mamah pami tos dugi ka Cianjur ieu
obat kedah di leueut, sakali deui engke pami tos dugi
ka Bandung !” Budak nerangkeun pertentang.
” Jadoolll !” Ceuk supir ngajejek gas.. ….dius bis
balik deui nuju ka Bandungkeun.
Setan
Saurang pejabat munggah haji. Dina mangsa jumroh eta
pejabat ngiluan pasesedek jeung nu lian.
Belewer nenggorkeun batu, nurutan nu sejen. Ngan
aneh, ti palebah anu ditenggorna aya nu males nenggor,
keuna pisan kana tarangna. Untungna teh bisa terus
kasanggap. Batu anu ditenggorna dibungkus ku keretas.
Barang dibuka ku manehna dina eta kertas aya tulisan
anu unina kieu “Ari sarua papada setan mah ulah
pipilueun maledog atuh euy!”
Viagra
“Ki…bade nginum jamu naon pegel linu, encok atawa
jamu napsu makan?” Tanya tukang jamu ka si Aki.
“Lain euy..aya Viagra teu..?” Ceuk si Aki satengah
ngaharewos.
“Euleuh-euleuh eta mah jeung budak ngora atuh
aki…nya si Aki masih keneh sok eng ing eng kitu..?”
“Lain jeung nukitu patut deuleu..!”
“Nya keur naon atuh..?” >
“Ieu euy sangkan kiih teu nyurucud wae kana suku!”
“Baruuk!
Amputasi
Dokter : “Aya dua wartos anu bade di dugikeun ka bapa.
Anu kahiji wartos anu pikabungaheun. Anu hiji deui
wartos pikasediheun. Bapa bade ngupingkeun anu mana
heula?”
Pasen : “Abdi mah hoyong ngupingkeun anu pikasediheun
heula, Dok.”
Dokter : “Sampean bapa kedah diamputasi. Maksadna
kadah dipotong duanana semet tuur.”
Pasen : “Ya Allah! teu tiasa ku tarekah sanes anu
langkung ringan?”
Dokter : “Teu tiasa.”
Pasen : “Dupi wartos pikabungaheunana kumaha Dok?”
Dokter : “Sapatu kagungan Bapa bade digaleuh ku
pembantu sim kuring.”
Tatangga
“Dewek mah keuheul kapamjikan euy, teu kaop tatangga
meuli itu, boga ieu, sok langsung nurutan, dasar si
panas baran…!” Mang Sarkim gegelendeng.
“Pamajikan nukitu patut mah bales wae atuh..!” Mang
Jupri kalahka mapanas.
“Nya kumaha kitu..?”
“Kieu geura lamun ningali tatangga kawin
deui..buru-buru urang ge kawin deui..!”
“Anyiiir satuju euy…!” Mang Sarkim atoh.
Motor Anyar
Si Encim kakara meuli motor anyar. Dicobaan jeung
babaturanana. Anu matak keuheul keur babaturanana, ti
mimiti indit nepi ka harita,
si Encim henteu ngoper gigi, tepikeun ka sora motor
geus ngaheong siga helikopter.
“Cim, montong dina gigi hiji bae atuh euy! pindahkeun
gigina”
Si Encim ngajawab, “Lah, lahuta teuing atuh. Apan gigi
hiji ge can beak”.
WAMIL
“Teu bisa atuh Pa, jalema jiga kuring ngilu wajib
militer” ceuk saurang pemuda anu embungeun ngilu
wamil.
“Naha?” ceuk perwira nu ngarekrutna.
“Apan suku kuring mah jangkung sabeulah”
“Oh, keun bae teu nanaon. Da engke ge di medan tempur
taneuhna henteu rata” ceuk si perwira kalem.
MANUK
“Sabaraha mang manuk ieu hargana ?” ceuk saurang
lalaki ka tukang manuk.
“Tah anu keur nyanyi mah hargana sajuta. Lamun itu
tuh, anu cicing bae, eta mah dua juta” bari nunjuk
manuk anu ngahiul bae dina kurung.
“Har, naha bet mahal keneh anu cicing bae geuning Mang
?”
“His, pan eta anu nyiptakeun laguna”
SIBUK
“Dupi Bapa na aya kitu ?” ceuk sora dina telepon.
Saurang budak anu narima eta telepon ngajawab bari
haharewosan.
“Aya, tapi nuju sibuk” pokna.
“Ari Ibu ?”
“Sami, mamah ge nuju sibuk” ceuk budak bari angger
ngaharewos.
“Saha deui atuh anu aya didinya ?”
“Aya, teteh, pedah sami deuih nuju sibuk” angger
ngaharewos.
Anu nelepon panasaraneun, “Naha nuju saribuk naon atuh
neng ?”
“Ih, apanan nuju ameng ucing sumput sareng Neneng”.
Kiriman: “Idris Suryana” <idris@…>: Urang Sunda