Bila Ibu Boleh Memilih

 

Anakku,…
Bila ibu boleh memilih
Apakah ibu berbadan langsing atau berbadan besar karena mengandungmu
Maka ibu akan memilih mengandungmu…
Karena dalam mengandungmu ibu merasakan keajaiban dan kebesaran Allah

Sembilan bulan nak,… engkau hidup di perut ibu
Engkau ikut kemanapun ibu pergi
Engkau ikut merasakan ketika jantung ibu berdetak karena kebahagiaan
Engkau menendang rahim ibu ketika engkau merasa tidak nyaman, karena ibu kecewa dan berurai air mata…

Anakku,…
Bila ibu boleh memilih apakah ibu harus operasi caesar, atau ibu harus berjuang melahirkanmu
Maka ibu memilih berjuang melahirkanmu
Karena menunggu dari jam ke jam, menit ke menit kelahiranmu
Adalah seperti menunggu antrian memasuki salah satu pintu surga
Karena kedahsyatan perjuanganmu untuk mencari jalan ke luar ke dunia sangat ibu rasakan
Dan saat itulah kebesaran Allah menyelimuti kita berdua
Malaikat tersenyum diantara peluh dan erangan rasa sakit,
Yang tak pernah bisa ibu ceritakan kepada siapapun

Dan ketika engkau hadir, tangismu memecah dunia
Saat itulah… saat paling membahagiakan
Segala sakit & derita sirna melihat dirimu yang merah,
Mendengarkan ayahmu mengumandangkan adzan,
Kalimat syahadat kebesaran Allah dan penetapan hati tentang junjungan kita Rasulullah di telinga mungilmu

Anakku,…
Bila ibu boleh memilih apakah ibu berdada indah, atau harus bangun tengah malam untuk menyusuimu,
Maka ibu memilih menyusuimu,
Karena dengan menyusuimu ibu telah membekali hidupmu dengan tetesan-tetesan dan tegukan tegukan yang sangat berharga
Merasakan kehangatan bibir dan badanmu didada ibu dalam kantuk ibu,
Adalah sebuah rasa luar biasa yang orang lain tidak bisa rasakan

Anakku,…
Bila ibu boleh memilih duduk berlama-lama di ruang rapat
Atau duduk di lantai menemanimu menempelkan puzzle
Maka ibu memilih bermain puzzle denganmu

Tetapi anakku…
Hidup memang pilihan…
Jika dengan pilihan ibu, engkau merasa sepi dan merana
Maka maafkanlah nak…
Maafkan ibu…
Maafkan ibu…
Percayalah nak, ibu sedang menyempurnakan puzzle kehidupan kita,
Agar tidak ada satu kepingpun bagian puzzle kehidupan kita yang hilang
Percayalah nak…
Sepi dan ranamu adalah sebagian duka ibu
Percayalah nak…
Engkau adalah selalu menjadi belahan nyawa ibu…

Ratih Sanggarwati (Ratih Sang)
Jakarta, 21 Agustus 2004

Dikutip dari Bila Ibu Boleh Memilih, kumpulan puisi hati Ratih Sanggarwati.
Lihat: KCM – Ratih Sanggarwati: Puisi Untuk Si Kecil

Ditulis dalam Puisi. 32 Comments »

Gara-Gara Lampu Motor Dihurungkeun

 Di Jakarta, lampu merah duka  teuing aya sabaraha rebu unit. lamun kabeneran  lampuna hurung beureum, kabeh kendaraan kudu eureun.  tapi, ampir kabeh mesinna tetep hurung. Aya teu nya anu iseng meng-kalkulasi:
– lampu merah rata-rata hurungna 1-2 menit.
– hiji motor 100 cc, lamun cicing tapi mesin
– hurung, dina samenit meakeun 1/sekian liter bensin.
– di jakarta hungkul aya sabaraha juta motor  100cc ?
– pisabaraha litereun bensin bakal beak, sakal  lampu merah.

tong heran ayeunamah rea nu aneh…..ti baralik apan…siang di hurungkeun…peuting di paehan…tungtungna…..jebrod wae…beunta beunta aya di rumah bersalin…….borojol wae…babar…gara gara lampu?nu naek mtorna bumil

dina tipi sababaraha waktu ka tukang sok aya iklan/kampanyeu ramah lingkungan, di antarana kartun nu ngagambarkeun paripolah nu mawa mobil pas kapegat lampu beureum. Mun teu dipareuman matak ambek nyedek, tanaga midek, langit mulek. Mun milih dipareuman, manuk ge tingcaruit nyalampeurkeun. Ceuk cenah, jelema mah sok kudu bae digeuing. Lamun  panggeuingna teu robah2, angger, biasana lila2 sok kapopohokeun, don waro, jadi talobeh. tah,  sakali-kali mah kudu bae digebrag, ngarah inget deui kana panggeuing tea.

Ceuk Nu Make AC (mobilna sae): “Panas euy lamun mesin mobil kudu dipaehan”
Ceuk Nu Teu Make AC (Mobilna kirang sae): “Puguh hese starter.. der mesin dipaehan!”
Ceuk Nu Motorna Alus: “Motor uing mah irit pisan,  moal beak 1cc nungguan lampu hejo”
Ceuk Nu Motorna Rada Goreng: “Puguh pas distarter  teh gas kudu digedekeun, malah leuwih boros, barina oge hoream kudu ngengkol”
Ceuk Nu Motorna Goreng: “Ngke lamung lampu hejo nu rek ngadorong motor uing saha?”
Ceuk nu gumasep: “Ieu teh kenalpot weuteuh, impor, geura dangukeun..”

Ceuk Amerika: “Good.. Good.. Good.. You’re such a good oil customer of OUR oil company.. keep up the good  work!”

Enya sok araraneh barudak jaman kiwari mah..

kenalpot saalus-alus hayoh dibobok, malah diganti paralon. “gaul” pajarkeun teh.

lampu saalus-alus, hayoh ditutup dihideungan, atuh ari pareng jalan peuting sok mindeng parkir di solokan. “gaul” deui wae.

sokbreker geus meunang ngukur ti pabrik hayoh dipondokeun, tepi ka kudu digotong lamun ngaliwatan polisi tidur. “gaul” tea.

Lieur lah ngabandunganana. .

10 taun nu kapayun jigana tiang listrik di jadikeun…knalpot

meun mengkol batur keuna…..rumah sakit bersalin deui wae

Urang Sunda.

Setruk.

Saprak aya iklan cai enteh anu dibotolan berhadiah kujalan ngumpulkeun setrukna. Anu jajan, boh direstoran atawa diwarung sok tara poho nanyakeun setrukna. Malahan jang Ibro waktu keur apel disuguhan cai enteh ku bebenena, manehna ngaharewos.

” Yang….kade hilap setrukna !” padahal cai enteh anu disuguhan teh lain anu dibotolan, tapi ngadadak naheur dina hawu.
Kocapkeun dihiji restoran, dihareupeun kasir ngagimbung anu nek mayar kadaharan kumplit jeung inuman cai enteh nu dibotolan tea, keur ngagimbung kitu, aya salah saurang jalma nu teu sabar hayang geura meunang setrukna, tur langsung ngagorowok kakasir.
” Gewat euy setrukna, dewek butuh pisan !” Pokna rada teugeug
” Sabar atuh kang !” tembal kasir bari baeud.
Sanggeus meunang setruk mah sijalma teh, langsung we ngabecir kaluar, atuh puguh we si kasir nyalukan.
” Kang ieu katuanganana diculkeun wae !”
” Mangga we kanggo eneng, abdi mah butuh setrukna wae !”
” Jadi ujang teh butuh setruk kitu ?” ceuk hiji jalma tengah tuwuh,anu kakara asup tur leungeunna semu ngoroncod sarta mamake iteuk.
” Eh..muhun pa…abdi butuh pisan…naha bapa kagungan kitu ?”
” Puguh bapa teh tos lima taun gaduh setruk, mangga upami peryogi mah ku bapa bade dipasihan..bapa mah tos bosen ngubaran !”

Syam Ridwan:Urang Sunda

Sendal Lebaran

Wajar lamun nu dagang hayang payu kudu pinter ngarayu, tapi rada kurang ajar lamun hayang payu bari jeung nipu. Kajadian ieu kaalaman pisan ku ceu Ida ( ngaran samaran euy) anu nganjrek di salahsahiji komplek di wewengkon Bekasi. Saperti biasana saban sore ceu Ida sok beberesih dihareupeun imahna, teu kungsi lila kurunyung aya tukang sendal, nawarkeun daganganana, rada lumengis lantaran cenah tiisuk meluk can payu sasiki siki acan, sarta can manggih sangu saremeh remeh acan. Ngareungeu kitu hate ceu Ida ngaleketey, jiwa sosialna ngadadak tembong, teu diengkekeun deui sendal teh dibeuli dua rampasan anu hargana dua puluh rebuan, atuh sabada narima duit situkang sendal nyaleuhak ngahenggoy sangu haneut anu karek ngangkat tina mejik jar, diimplik implikan ku lalawuhna, dadar endog,goreng tempe bacem, pleus angeun kacang jogo, disurungkeun ku sagelas cai tiis tina kulkas diasongkeun jeung botol botolna. Sanggeus beuteungna wareg, kitu deui daganganana laku, gura giru manehna amitan kalayan basa basi cumarita yen kasaean eta cenah sing dibales ku nu langkung ageung.

Isukna ceu Ida papanggih jeung tante Genjreng ( ieu ge sanes nami asli euy) tatangga sakomplek ngan beda blok wungkul, manehna galecok cumarita yen kamari tas meuli sendal, enya sendal sendal kitu cenah teu pati teuing butuh da nu heubeul ge masih keneh galituk, ngan eta we karunya jeung teu tega lantaran nawarkeunana bari lumengis sagala, tapi teu kungsi ari nepikeun ka dibere dahar mah. Ngareungeu obrolan tante Genjreng anu mirip jeung nu kaalaman ku manehna, ceu Ida langsung nyamber ” Boa boa anu dipeseran ku abdi ?” tarangna kerung nginget nginget deui kajadian kamari. ” Enya bener eta…!” tembal tante Genjreng basa dibejakeun ciri cirina jeung dedeg pangadegna.

Saminggu tiharita, kurunyung aya nu datang deui ka ceu Ida, sarua nawarkeun sendal bari lumengis kawas minggu kamari. Ceu Ida kerung,pikiranana kumalayang katukang nginget nginget deui, manehna asa asa apal, pas disidik sidik sihoreng nu dagang sendal teh jalmana sarua jeung anu minggu kamari. Sigana kedereun, ma`lum di komplek mah wangunanana sarua, samarukna can karambah kalebah dinya. Ningali lumengisna si tukang sendal,harita mah hate ceu Ida teu ngaleketey deui tapi malah ngagugudug napsu, lain pedah napsu atawa ngarasa kaduhung geus meuli sendal sarta mere dahareun kamanehna, tapi carana ieu anu kurang panujueun,nyieun akal akalan sangkan barangna laku antukna nipu. Lamun kongang mah cenah hayang saketrok ketrokeun neke. ” Keuheul atuh da !” bari terus ngajelebetkeun panto pager, leos kajero.

Ngabandungan pangalaman ceu Ida diluhur, sok inget ka pangalaman si uing sawatara bulan katukang, sarua tukang sendal oge, malahan rada rongkah make wani susumpahan sagala, cenah lamun ngabohong wani teu dibere rejeki sama sakali, aya angkoh nek dibere lima rebu jeung meuli nasi bungkus , tapi manehna nolak malah keukeuh sendalna kudu dibeuli, cenah mah jeung ongkos balik ka Sukabumi, si uing ahirna ngelehan golosor duit dua puluh rebu dibikeun, terus milihan model jeung nomerna anu cocok, sanggeus aya nu meujeuhna tur modelna pantes, kumanehna dites heula diduruk make korek gas, enya we teu teurak nandakeun yen sendal teh cenah bener bener kulit. Nepi ka ayeuna sakadang sendal teh can dipake,lumayan jeung engke lebaran, ngan lamun kaparengan ningali sendal eta, sok asa ngarasa dosa, lantaran inget ka susumpahanana. Bisi enya manehna teh ngabohong lantaran bakating ku hayang laku, enya da si uing mah matak nyebut kitu ge heureuy, ceuk si uing teh “mun ngabohong boeroet siah !” ah mudah mudahan we teu katuliskeun jurig.

Syam Ridwan:Urang Sunda

APP Ceuk Sicepot

“Dawala kadieueuuuu…!”(beungeutna rada dangah kaluhur)
“Aya naon,a’epot?”(bujur sidawala kudalang dikodok, terus ditancebkeun kana bagedor, mando dihareupeun sicepot
“Bejana keur gujrud masalah APP euy?”
“Naha kudu dimasalahkeun deui, pajar atuh geus haratis, teu kudu mayar APP sagala!”
“SPP eta mah dodol..!”
“Ari APP naon kitu?”

“APP teh Anti Pornografi jeung Pornoaksi anu keur digodog ngan can muyutuk, da kaburu gujrud!”
“Baruk kutan kitu nya!”
“Tah nurutkeun ente kuayana RUU APP teh kumaha? Naha satuju atawa henteu?”
“Ke heula, samemeh neruskeun obrolan, dewek nek nanya,nek dibawa kamana obrolan urang ieu?”
“Beu etah, ulah nanya kadewek masalah eta mah, tah tanyakeun we kadalang!” ( bari ngadegungkeun sirah dalang ku leungeunna anu teu weleh meureup)
“Alus atuh mun kitu mah, ngaguar masalah APP mah nya kudu make jurus AWW !”
“Nya heueuh pan kuayana APP teh teu leupas tina tingkah polah sabagean AWW anu pikasebeleun kadang pikaheroyeun!”
“Heueuh tapi maksud dewek mah lain kadinya, ngabahas APP kujalan AWW hartina Aksi Wudal Wadul alias ngacapruk cap wadul tea!”
“Naha ari ilaing geus nyaho kitu eusi sakadang RUU teh, Dawala?”
“Kamari dibejaan ku dalang euy, ari dalang cenah ti Kusnet heu heu !”
“Tah ari kitu mah meureun geus kaharti eusina, kumaha pamadegan ente mun RUU eta diundangkeun?”
“Puguh dewek ge sok leng mikir, naha dalang mun keur kudak kodok kana bujur urang, eta kaasup pornoaksi henteu nya?”
“Heu heu…tobaaaattttt….beu nepi kalebah dinya pamikiran teh Dawala…tapi enya ketah mangkaning keur kudak kodok kana bujur dewek mah sok ngahaja dililakeun tur nyaliara kahareupeun bujur, mangkaning heu heu…teu kaop keur gede bulan nu dewek mah sok ngagedean!”
“Puguh dewek ge sok hariwang, mun silaing keur diigelkeun ku dalang, heug make jurus belekok, anu bujurna diblaktuk blaktuk nuturkeun wirahma kendang, meureun langsung we dijiwir ku tramtib jeung dalang dalangna!”
“Heu heu…tobaaattttttt…dewek ge sok mikir pan di tumaritis teh loba keneh wanoja anu sok mandi ditampian, kumaha mun keur ngusey mandi bari disamping jangkung langsung dikedewek ku tramtib!”
“Beu…beu..nengetan ucapan a’epot tadi geuning siga nu nolak kana RUU APP teh?”
“Tong sangeunah ari ngomong teh, Dawala ! Puguh dewek teh ngadukung pisan!”
“Jadi?”
“Yeuh mun RUU eta jadi, dewek nek ngalamar jadi tramtib deuleu, pan ngeunah digajih ari gawena ngan ukur pulang pelong kana lekbong, sasad susud kanu munu’u, rarat reret kanu nyelepet, heu heu tobaaatttttt!” “Heu heu…ngan kahade mun geus jadi patugas tramtib ulah salah tangkep!”
“Moal atuh, paling oge salah tangkeup, heu heu……tobaaatttttt!”
“Tong loba kahayang jadi wayang mah euy pot, kuma dalang we, keun atuh urusan tungkap tangkeup mah bagean dalang!” ( dalang motong obrolan sicepot jeung dawala bari nejehkeun sukuna kana kecrek, jrek nong, sulusup sicepot jeung sidewala laluncat kana kotak, tutup lawang sigotaka)

Syam Ridwan:Urang Sunda

Udud

Dihareupeun toko, aya budak ngora keur nangtung. Dangdananana model ayeuna, make calana jin bulao, kaos, sapatu jangkung jeung jaket tina kulit. Kacamata hideung nangklek dina tarangna. Leungeun kenca-na diasupkeun kana kantong jaketna. Rokok nu aya dina ramo leungeun katuhuna disedot bangun nu nikmateun pisan, tuluy haseupna dikaluarkeun lalaunan, meni nyerebung. Acan ge satengahna, lung we rokok teh dialungkeung tuluy dikekesek ku sapatuna.

Nempo polah budak ngora kitu, bapa-bapa nu nangtung gigireunana melong. Ngarasa dipelong, si budak ngora balik melong deui. Papelong-pelong.
“Aya naon, Pa ?”, budak ngora nanya bari cekres deui nyeungeut rokok.
“Ah henteu”, ceuk bapa-bapa, “Jang, lain…Bapa mah ngarasa nyaah we eta duit dibeuleuman kitu. Coba geura nya, lamun sapoe beak dua bungkus we, pan sabulan pasti geus 60 bungkus. Rokok sabungkusna saeutikna lima rebu, sabulan teh meureun tilu ratus rebu. Sataun geus sabaraha, komo deui sapuluh tahun geura we pek itung. Mun eta duit dikumpulkeun, boa bisa kabeuli imah atawa mobil.”

Si budak ngora teu nembalan. Sirahna unggut-unggutan, jiga nu ngartieun eta bapa-bapa teh. Biwirna manyun, maju aya kana lima senti mah.

“Ari Bapa teu ngaroko ?”, si budak ngora nanya.
“Henteu jang, ti bubudak ge can pernah”
“Bapa gaduh mobil ?”
“Ah, boro-boro mobil, rompok ge ngontrak keneh jang.”
“Abdi mah, mobil gaduh, rompok ge tos gaduh.”, ceuk budak ngora bari ngaleos.

Si bapa ngan ukur olohok.

Kang ndoel: Urang Sunda

Sipat jalma dumasar kana rupa-rupa hitutna

Jalma jujur
Jalma nu daek ngaku mun geus hitut

Jalma teu Jujur
Jalma nu hitut tuluy nyalahkeun batur

Jalma belegug
Jalma nu nahan hitut mangjam-jam lilana

Jalma nu berwawasan
Jalma nu apal iraha kuduna hitut

Jalma nu Misterius
Jalma nu hitut tapi batur euweuh nu nyahoeun

Jalma nu sok gugup
Jalma nu ujug-ujug nahan hitut mun keur hitut

Jalma nu Percaya Diri
Jalma nu yakin yen hitutna seungit

Jalma nu Sadis
Jalma nu hitut bari dibekep ku leungeun tuluy dibekepkeun
ka irung batur

Jalma nu Isinan
Jalma nu hitutna teu disada tapi ngarasa isin sorangan

Jalma nu Strategic
Lamun hitut sok bari seuri ngagak-gak meh nutupan sora hitutna

Jalma nu Bodo
Lamun geus hitut tuluy narik napas keur ngagantian hitutna nu kaluar

Jalma nu Pedit
Lamun hitut dikaluarkeun saeutik-saeutik nepi ka disada
tit..tit..tit…

Jalma nu Sombong
Jalma nu sok ngambeuan hitutna sorangan

Jalma nu ramah
Jalma nu sok resep ngambeuan hitut batur

Jalma nu tara gaul
Mun hitut sok bari nyumput

Jalma nu Sakti
Mun hitut bari make tanaga dalem

Jalma nu pinter
Jalma nu bisa nyirian hitut batur

Jalma nu sial
Mun hitut kaluar jeung bukur-bukurna…

Hutan Reklame

Hutan Reklame

DIRASAKEUN ku abdi, konsumerisme masyarakat, makin hari teh makin meningkat nya Mang? Naha eta teh disebabkan oleh terlalu banyaknya iklan dan reklame?” kata Kang Ahmad.

“Bisa jadi begitu Mad. Dengan melihat iklan dan reklame, masyarakat teh jadi kaolo, hayang meuli barang anu diiklankeun tea, tur sabenerna mah eta barang teh can tangtu alus jeung dipikabutuh?”

“Setelah kita beli, kadang-kadang kualitas barang tersebut banyak yang tidak sesuai dengan bunyi iklannya ya Mang?

“Nya pasti kana kitu. Pangna diiklankeun ge, meureun eta barang teh kurang alus, da nu alus mah apan teu kudu diiklankeun lin?”

Termasuk iklan pelayanan jasa deuih Mang yang begitu teh. Kirang kumaha saena bunyi iklan satu maskapai penerbangan, tetapi ketika saya berkesempatan naik pesawat tersebut dari Bandung ke Yogya, eh….. koper saya malah terbawa ke Semarang!

Adi Emang mah Mad di Ciamis, apan samulangna jarah ti Mekah teh, nepi ka kiwari geus leuwih ti dua welas taun, jeung koperna teh can papanggih. Enya, leungit. Mangkaning di jerona teh aya korma azwa. Lebar pisan. Apan ceuk Jawa mah…… sing sopo mangan korma azwa, matine manjing sorga!

Nu mawi kitu Mang, pelayanan penerbangan di urang mah benten pisan sareng di luar negeri. Saya pernah membaca iklan maskapai penerbangan di luar negeri, bunyinya teh kieu: Pagi-pagi sarapan di Amesterdam, makan siang di Tokyo, makan malam di New York. Pasti Anda puas terbang dengan kami! Ari iklan maskapai penerbangan di urang mah beda lagi Mang, bunyinya teh kieu: Pagi-pagi sarapan di Jakarta, makan siang di Makasar, makan malam di Jayapura. Cuma koper tertinggal di Makassar!

He-he-he. Mun enya aya iklan bunyinya begitu, ku Emang mah bakal dipuji Mad, lantaran jujur. Apan anu terasa oleh kita, kebanyakan bunyi iklan teh teu jalujur, ngadon ngabarohong. Sok we ku Ahmad pikir, naha bakal kabuktian lamun urang nginum jajamu pikeun nolak angin, urang ngadadak bakal pintar?

Muhun nya Mang. Namung eta iklan teh sudah memasyarakat pisan, sudah sabiwir hiji.

Bisa jadi begitu Mad, karena sering dimuat di media cetak dan sering ditayangkan di media elektronika. Kadang-kadang produk yang diiklankan teh teu nyambung jeung bentang iklanna. Sok we ku Ahmad lenyepan, naon hubunganana jajamu pikeun nambah kakuatan lalaki jeung…… Embah Marijan? Emang mah jadi ngarasa watir ka Embah Marijanna, daek di kua-kieu pikeun kaperluan iklan.

Muhun nya. Nu kawitnya Embah Marijan keukeuh peuteukeuh embung ninggalkeun gunung Merapi, tapi ari ku iklan mahteu burung….. turun gunung.

Tah eta Mad, salah sahiji kakuatan sihir iklan teh? Bisa nyihir bentangna, sakalian bisa nyihir masyarakat. Apan sakumaha tadi disebutkeun ku Ahmad, loba kekecapan iklan anu geus jadi kacapangan masyarakat, geus jadi sabiwir hiji. Cenah basa Sumanto ditanya ku hakim, naha ngadahar daging jelema teh ngeungah awakna, sirahna atawa pingpingna? Sumanto langsung ngajawab: Apapun makanannya minumannya tetap….. teh botol!

He-he-he. Sapertos dongeng nu papangantenan nya Mang. Waktu ditanya oleh istrinya, berapa kali mau sapatemon, suaminya langsung menjawab seperti bunyi iklan maskapai Garuda: Sehari tujuh kali, nonstop dalam seminggu!

He-he-he. Lamun enya kitu, bakal ripuh awewena nya Mad?

Tapi ngomong-ngomongMang, makin gencarnya para pemasang iklan dan reklame, bukankah akan semakin menambah penghasilan kas daerah?

Wah, geuraheun Mad. Apan di Kota Bandung we, yang dikenal sebagai Hutan Reklame, ada sekitar tiga ribu reklame yang dipasang tanpa izin. Artinya, uang yang masuk dari reklame tersebut pasti tidak masuk kas pemkot, melainkan menjadi bancakan oknum-oknum aparat terkait. Karena banyak reklame yang nyiliwuri begitu, akhirnya target PAD Pemkot Bandung dari reklame sebesar Rp 22 miliar teh ngan kahontal Rp 8 miliar. Beda deui jeung di Surabaya Mad, lantaran leuwih tartib, PAD Pemkot Surabaya tina reklame teh bisa ngahontal Rp 24 miliar, tur padahal reklame anu dipasangna leuwih saeutik tibatan anu rajeg di Kota Bandung.

Euleuh-euleuh? Baruk kitu Mang? Atuh kedah enggal-enggal ditartibkeun. Kateuteuari Bandung jadi lautan reklame lamun duitna loba digerejud mah. Kuduna oknum aparat nu boga lampah teu uni kitu teh gagancangan ditindak, sakalian jeung pausahaan anu masang reklamena deuih.

Ceuk beja mah Mad, kadang-kadang ukuran reklame oge rea nu dimanipulasi. Nya tangtunya ge dileutikeun, supaya sabagian duitna tina pamayar eta reklame asup kana pesak oknum aparat tea.

Wah, beuki teu lucu upamikitu mah Mang? Muga-muga we reklame nu dipasang kalawan prosedur teu eucreug teh dibawa….. hiber ku angin.

Hus, ari nanaon teh. Ulah ngaduakeun goreng kitu. Mun tihang reklame runtuh, nya pasti rahayat anu jadi korbanna teh. Saperti kajadian di Jalan Ahmad Yani Lampung opat poe ka tukang, apan aya tihang reklame runtuh. Korbanna teh saurang pulisi maot, jeung genepan lupa parna. Di urang mah tong kajadian aya tihang reklame runtuh. Mun rek runtuh mah ka ditu we, ka sebrang ka….. Lampung.

Sanesentong kajantenan Mang, da apan kantos di urang ge aya tihang reklame runtuh. Nu di Jalan Pasteur tea geuning. Mung untungna, teu aya korban jiwa.

Tah eta alusna filosopi hirup bangsa urang mah. Sanajan geus runtuh ge, angger masih keneh….. untung!

Kang Ahmad tidak menjawab, hanya tersenyum kecut.

Sumber: Pikiran Rakyat

Teu miluan Jang

“Teu miluan Jang ?”
“Milu naon tea Jay ?”
“nya milu naon we..”
“Ah, hoream..”
“Naha ?”
“Teu naha-naha..”
“Teu naha-naha mah, naha atuh lain milu ?”
“Ih ari maneh, puguh hoream..”
“Cenah teu naha-naha, atuh geuning eta hoream”
“Ah, kumaha maneh we Jay.
Cik, boga udud teu ?”
“Teu boga Jang, teu boga duit..”
“Naaa ari maneh, uing mah lain menta duit, menta teh udud..”
“Heueuh matak teu boga udud teh sabab uing teu boga duit,
matak na uing teu meuli udud, ngarti teu maneh ?”
“Atuda pupurilitan kitu nyarita teh, teu boga udud mah,
nyarita we teu boga udud kituh”
“Lain, pan meh maneh ngarti”
“Puguh jadi tambah lieur uing mah”
“Enya nu lieur mah da nu teu eling..”
“Haaar…teu eling kumaha Jay ?”
“Enya, mun maneh lieur hartina maneh teh keur teu eling”
“Puguh uing mah eling, sadar, sesadar-sadarnyah. .”
“Mun eling mah da moal lieur atuh”
“Ah ari sia ? majarkeun aing teu eling, sia nu teu eling mah..”
“Naha ambek ? teu rumasa mun keur lieur nya ?”
“Nya henteu atuh, da uing mah jejeg..”
“Cenah bieu teh lieur ?”
“Ceuk saha ? puguh ceuk maneh..”
“Tuh nya, nyarita we ge teu puguh, tadi nyarita cenah lieur
ku omongan uing, ari ayeuna ngakuna jejeg”
“Lieur teh lain teu eling uing mah, puguh caritaan maneh we
anu matak lieur ngabandunganana”
“Nya ari matak lieur mah tong dibandungan atuh, diJakartaan we..”
“Tuh geura, ayeuna maneh tah nu gelo..”
“Mun uing gelo, naha atuh daek ngomong jeung uing ?”
“heueuh..matakna ayeuna mah moal ngomong deui jeung maneh”
“Nyaan ?”
“Heueuh !”
“Eta atuh geuning ngomong keneh jeung uing”
“Ah bedul siah !”
“Lain bedul uing mah, ngaran uing mah Jay! tuh nya geus lieur deui
wae..”
“Ah kumaha sia we ah..”
“Nyaan kumaha uing ?”
“Enya…kumaha sia we..”
“Naha jadi ambek kitu ? pedah teu dibere udud nya ?”
“Lain..”
“Naha atuh ?”
“Teu naha-naha..”
“Teu naha-naha kumaha ? mun teu naha-naha mah hayu atuh milu”
“Milu naon ?”
“Nya milu naon we..”
“Ah, hoream..”
“Naha ?”
“Teu naha-naha pan ceuk uing ge”
“Teu naha-naha mah, naha atuh lain milu ?”
“Geus kadinya deui wae, moal anggeus-anggeus ah..”
“Heu..heu..barina oge daekan macaan ih..”

Sumber: Urang Sunda

Tatapan Cinta

Dengan Nama Allah yang Maha Pengasih Lagi Maha Penyayang

“Dan ketahuilah olehmu bahwa di kalanganmu ada Rasulullah. Kalau ia menuruti kemauanmu dalam beberapa urusan benar-benarlah kamu mendapat kesusahan, tetapi Allah menjadikan kamu ‘cinta’ kepada keimanan dan menjadikan keimanan itu indah di dalam hatimu serta menjadikan kamu benci kepada kekafiran, kefasikan, dan kedurhakaan. Mereka itulah orang-orang yang mengikuti jalan yang lurus.”
[Al Hujuraat  , Ayat 7]

Pernahkah anda menatap orang-orang terdekat anda saat ia tidur? kalau belum, cobalah sekali saja menatap mereka saat sedang tidur. Saat itu yang tampak adalah ekspresi paling wajar dan paling jujur dari seseorang.

Seorang artis yang ketika di panggung begitu cantik dan gemerlap pun bisa jadi akan tampak polos dan jauh berbeda jika ia sedang tidur. Orang paling kejam di dunia pun jika tidur, sudah tak akan tampak wajah bengisnya.

Perhatikanlah ayah anda saat beliau sedang tidur. Sadarilah, betapa badan yang dulu kekar dan gagah itu kini semakin tua dan ringkih, betapa rambut-rambut putih mulai menghiasi kepalanya, betapa kerut merut mulai terpahat di wajahnya.Orang inilah yang rela melakukan apa saja asal perut kita kenyang dan pendidikan kita lancar.

Sekarang, beralihlah ke ibu anda.Hmm….kulitnya mulai keriput dan tangan yang dulu halus membelai – belai tubuh bayi kita itu kini kasar karena terpaan hidup yang keras. Orang inilah yang tiap hari mengurus kebutuhan kita. Orang inilah yang paling rajin mengingatkan dan mengomelin kita, semata-mata karena rasa kasih dan sayangnya itu sering kita salah artikan.

Cobalah menatap wajah orang-orang tercinta itu….ayah, ibu, suami, istri, kakak, adik, anak, sahabat…semuanya orang – orang yang tercinta. Rasakan energi cinta yang mengalir pelan-pelan saat menatap wajah lugu yang terlelap itu. Rasakan getaran cinta yang mengalir deras ketika mengingat betapa banyaknya pengorbanan yang telah di lakukan orang – orang itu untuk kebahagiaan anda. Pengorbanan yang kadang tertutupi oleh kesalah pahaman kecil yang entah kenapa selalu saja nampak besar.

Secara ajaib Tuhan mengatur agar pengorbanan itu bisa tampak lagi melalui wajah- wajah jujur mereka saat sedang tidur. Pengorbanan yang kadang melelahkan namun enggan mereka ungkapkan. Dan ekspresi wajah ketika tidur pun mengungkapkan segalanya, tanpa kata, tanpa suara dia berkata : ” Betapa lelahnya aku hari ini” dan menyebab lelah itu ?…….juga untuk siapa dia berlelah – lelah?

Tak lain adalah suami yang bekerja keras mencari nafkah dan istri yang bekerja mengurus, mendidik juga mengurus rumah. Kakak, adik, anak, dan sahabat yang telah melewatkan hari – hari suka dan duka bersama kita.

Renungan untuk kita semua…..

Resapilah kenangan manis dan pahit yang pernah terjadi dengan menatap wajah – wajah mereka…..rasakan betapa kebahagian dan keharuan seketika membuncah jika mengingat itu semua……….. bayangkan apa yang akan terjadi jika esok hari mereka “orang – orang terkasih itu tak membuka matanya…..selamanya!”