Tulisan ieu keur sobat kuring anu keur meunang cocoba.
Anaking Bapa jeung Ema Iklas
Anaking..
Geulis anak bapa jeung ema
Ayeuna anjeun geus miheulaan
Nu jadi bapa jeung indung
Anaking…
Bapa iklas jeung rido
Anjeun geus dipundut kunu kawasa
Aajanan hate leutik mah
Bapa jeung ema kacida sedihan
ehm… anaking…
Anaking….
Geulis, bageur, lamun bapa jeung ema
Nempo kuburan anjeun anu masih keneh taneuh beureum
Dina kongkolak bapa jeung ema
Anjeun nembongan wae,
Anaking…
Anjeung keur lulucuna,
Anjeun nu sok jadi tamba bapa jeung ema,
Belenyehna imut anjeun sok
mawa kabungah ka bapa jeung ema
ehm.. anaking
Bapa iklas pisan anjeun geus dipundut tiheula kunu kawasa
Anaking…
Waktu peuting kamari hujan
Taneuh beureum luhureun anjeun jadi baseuh
Kitu deui cimata bapa jeung ema maseuhan pipi.
Anaking…
Sok ras inget waktu anjeun gumbira
Ulin, ngariung, waktu urang tiluan gogonjakan
Ayeuna tinggal sawangan
Najan kitu, raray anjeun, anaking, geulis sok nembongan bae…
Anaking…
Ku bapa jeung ku ema didungakeun,
Anjeun sing ditempatkeun di tepat anu suci,
Bapa jeung ema sabar
Nandangan cobaan ieu jeung iklas ditingalkeun ku anjeun
Cag.
Mudah-mudahan kisibat aya dina sabaran, katabahan, katawaklan, kaiklasan. Amin.














Mei 25, 2010 pada 7:44 pm
kang, hapunten pisan abdi seja ngarewong, bade nyingkeun puisina kanggo bahan palajaran di sakola. mugia kersa ngawidian ka sim abdi, manawi ieu puisi teh aya mangpaatna kanggo sadayana khususna kanggo kamajuan basa Sunda. hatur nuhun!
Mei 31, 2010 pada 10:34 am
kang, hapunten manawi tiasa copy puisina. hatur nuhun
Juli 16, 2010 pada 6:53 pm
haturnuhun pisan sae, sing tiasa nyaangan kanu poekeun
Juli 16, 2010 pada 6:55 pm
@all: hatur nuhun kana apresiasina, kanu peryogi mah mangga bilih bade dikopi paste, hatur nuhun ari kaanggo mah.
Agustus 7, 2010 pada 11:47 am
hatur nuhun kang,,,?ku abdi di copy
Agustus 7, 2010 pada 2:11 pm
@Guruh: mangga upami kanggo mah, hehehe
Oktober 6, 2010 pada 9:10 am
kang aya puisi kango ka ema sareng bapak nu bade nglaksankeun ibadah haji???
Desember 15, 2010 pada 1:49 pm
kataji pisan kang, sae pisan lah puisina…punten kang abdi nyuhunkeun widi copy puisina … kangge dikintunkeun ka rerencangan…ngubaran hate nu nuju hariwang
Januari 13, 2011 pada 10:51 am
Kang saya baru belajar basa sunda, tp puisi ini mengingatkan saya pada Alm. anak saya, klo boleh saya akan kopi, krn anak saya laki2 bloeh ga kata geulis saya ganti dgn kasep ? hatur nuhun ….
Februari 4, 2011 pada 8:54 pm
minta ijin copy puisi.na kang
Februari 13, 2011 pada 7:25 pm
hatur nuhun pisan sae
Maret 8, 2011 pada 8:14 pm
kang ijin copy nya
hatur nuhun
November 14, 2011 pada 8:18 pm
cakep puisinyah
November 19, 2011 pada 6:41 pm
@all: hatur nuhun kana apresiasina, kanu meryogikeun mangga bilih bade dikopi paste mudah2an aya mangfaatna.
November 28, 2011 pada 8:28 pm
akang maksihhh ya… saya cari puisi ternyata nu akang meuni aluss pisann… saya mau copy boleh ya kang bwt tgas sekolahhh..
hatir nuhunnn…
November 29, 2011 pada 6:18 am
@Astri: silakan.
Desember 14, 2011 pada 12:09 am
kang bade dianggo di blog simkuring,, ku abdi di catet sumber na oge hatur nuhun kang
terus berkarya kang,,, i love sunda language
Desember 18, 2011 pada 2:39 pm
@afey: mangga hatur kana apresiasina.
Januari 24, 2012 pada 5:36 pm
kang bade tumaros dupi ieu teh kalebetna puisi sunda buhun hanes ?? hatur nuhun .
Januari 24, 2012 pada 6:29 pm
@fahmi: sanes, margi kenging abdi di taun 2011, hehehe puisi eta kanggo rerencangan anu dikantunkeun pupus ku putrana.
Februari 17, 2012 pada 1:31 pm
kang wios tong lamun misalna puisina di copy ku abdi kanggo tugas kasakola?
April 14, 2012 pada 10:46 pm
bolehkah saya di beritahu arti puisi ini dalam bahasa indonesia ?
saya ingin membacakan puisi ini tapi d selingi bahasa indonesia juga
terimakasih
Mei 1, 2012 pada 5:33 pm
sae kang puisina..